Kamis, 09 Februari 2012

Manfaat Cai Kalapa Ngora

Dinegara tropis saperti Indonesia urang tiasa manggihan loba tangkal kalapa, sabab di Negara anu iklim na tropis mah kalapa bisa tumbuh optimal. Kalapa teh loba pisan manfaatna mimiti tinu sarabutna bisa dijadikeun hiasan atawa ku urang desa mah sarabut kalapa teh di pake keur ngumbah wadah, tuluy cangkangna bisa dijadikeun wawadahan jeung hiasan, tuluy buahna bisa dijadikeun bahan keur masak, tuluy caina bisa dijadikeun inuman anu seger. Dina denget ayeuna simkuring bade ngajelaskeun manfaat cai kalapa ngora. 



Teu aneh deui lamun urang Indonesia mah resep pisan kanu es kalapa ngora teh, kusabab seger, wareg, enak jeung hargana nu ekonomis. Tapi salian tinu eta es kalapa teh aya manfaatna keur kasehatan. Ceunah mah lamun rajin nginum cai kalapa ngora di trisemester kandungan cai ketuban ibu hamil teh bakal bersih, kulitna, leubeut rambutna, jeung herang socana. Ku tinuna hayu urang telik saeutik manfaat cai kalapa muda.
Hasil panelitian cai kalapa ngora teh bisa ngalancarkeun sirkulasi getih jeung pancernaan. Cai kalapa ngora lewih seueur nutrisina dibandingkeun jeung susu sabab teu ngandung kolesterol sareng lemakna rendah.  Cai kapala ngora teh kanggo ngukatkeun sistem pertahanan awak atawa imun, cai kalapa ngora oge tiasa ngalawan rupa-rupa virus panyakit. Lamun urang ngagaduhan panyakit batu ginjal, lamun tiasa mah rajin nginum cai kalapa, kusabab cai kalapa ngora ngabantuan ngahancurkeun batu ginjal jeung gampang kaluar tinu awak urang. Salian tina manfaat-manfaat anu atos dijelaskeun tadi, cai kalapa ngora oge bisa ngubaran gangguan saluran kahampangan, sagelas cai kalapa teh bisa ngaredakeun rasa nyeri kusabab panyakit hese miceng kahampangan.
Jadi, urang Indonesia mah teu kudu berobat mahal-mahal ka rumah sakit, sabab rupa-rupa panyakit teh bisa didamangkeun sacara tradisional salah sahiji na cai kalapa ngora jeung cai kalapa ngara mah teu hese neangan na ge, diunggal kampung pasti aya.

 
Wasta : Fadillah Fauziah
Kelas : XII IPA 5

0 komentar:

Posting Komentar

Twitter Facebook Favorites More

 
Design by Free WordPress Themes | Bloggerized by Lasantha - Premium Blogger Themes | Best Web Hosting Coupons