Kamis, 16 Februari 2012

Tina Hutbah Kana Da'wah

Aya fénoména anu matak narik dina nepikeun khutbah Juma’ah. Nu matak narik téh duméh para khotib sok maké buku panduan enggoning nepikeun eusining khutbahna.Tangtuna aya nu maké basa Indonésia, pon kitu deui dina basa Sunda. Ari nu dina basa Sunda, nu kapanggih téh ngan aya sababaraha buku. Antarana baé Khutbah Jum’ah: Bahan Da’wah (basa Sunda) yasana K.H. Qamaruddin Shaléh (Diponegoro, 1983). Kandelna gé lumayan, 696 kaca kitu atuh. Nu kadua, Kumpulan Khutbah ku Basa Sunda beunangna Sholihin Syaqiq. Nu ieu mah diterbitkeun ku Sinar Baru dina 1987.
Ari anu kawilang “anyar,” nu kabaca téh Kumpulan Khutbah Jum’ah: Ubudiyah-Mu’amalah-Munakahat-Faroidh-Jinayah (ku basa Sunda) susunan K.H. Moch. Anwar. Pangna disebut “anyar” sotéh duméh dicitak dina 2004. Padahal buku nu kandelna 304 kaca téh citakan nu kalima, da horéng citakan kahijina mah teu ditétélakeun iraha-iraha terbitna. Ngan dina “bubuka” nu nyusunna méré titimangsa 11 Januari 2002. Ku kituna, bisa jadi édisi kahijina diterbitkeun dina taun éta kénéh.
Mun dijumlah jamléh aya 44 tulisan bahan pikhutbaheun anu dipidangkeun dina ieu buku. Bab kahijina, Ubudiyah, midangkeun 18 bahan khutbah. Ngan mun disidik-sidik, anu kuduna ngabahas masalah ibadah téh dina prakna mah ngabahas masalah aqidah deuih. Mun seug maca tulisan kahiji, kapan judulna gé “Percaya ka Allah katut Sipat-sipat-Na.” Malah nepi ka tujuh tulisan, nyaéta nu ngabahas perkara “Rukun Islam.”
Ari dina bab kadua, Akhlak, ngan aya dua tulisan. Nyaéta ngeunaan “Akhlak Pribadi Muslim” jeung “Akhlak Campur-Gaul.” Ditéma ku bab katilu, “Urusan Muamalah” (11 tulisan); bab kaopat, “Urusan Pernikahan/Munakahat” (7 tulisan); bab kalima, “Masalah Faroidh” (2 tulisan); jeung bab kagenepna, “Ngeunaan Hukum Jinayah (Kajahatan/Pidana)” (4 tulisan).
Husus ngeunaan dimuatna tulisan-tulisan sabudeureun munakahat (pernikahan), faroidh, jeung jinayah (Kajahatan/Pidana), lantaran numutkeun pamanggih nu nyusunna mah nu kararitu arang kapidangkeun dina khutbah. Sabab “lolobana mah ngabahas nu ngeunaan masalah ubudiyah, muamalah, jeung akhlak. Padahal ajaran Islam téh ngawengku sagala aturan kahirupan manusa.”
Tapi éta katerangan gé bisa nimbulkeun pasualan anyar: sabab sigana aya nu kaliwat atawa aya nu kurang, di antarana baé masalah siyasah (élmu politik) jeung tarikh (sajarah). Tangtuna gé éta téh bisa jadi ijiran yén nu nyusun ieu gé sarua kaeunteupan ku kakurang. Padahal ceuk nu nyusun ieu buku: ajaran Islam téh ngawengku sagala aturan kahirupan manusa.
Atawa bisa jadi lantaran kaayaan anu henteu méré kasempetan ka nu nyusunna pikeun ngasupkeun masalah éta kana bukuna. Sabab mun urang ningali taun terbitna, kapan sidik citakan katiluna gé taun 1999. Komo deui citakan munggaranna, bisa jadi jaman keur mahabuna ordeu baru. Cindekna mah kaayaan politik di urangna nu teu méré idin pikeun ngamuatkeun bahan-bahan khutbah anu aya kakaitanana jeung politik (siyasah).



Lian ti éta, ieu buku bisa jadi bukti adu manisna antara da’wah billisan jeung da’wah bilqalam. Ari nu disebut da’wah téh kagiatan pikeun ngagero, ngajak manusa sangkan iman jeung taat ka Allah SWT luyu jeung aqidah, syari‘at jeung akhlak Islam.
Ari da’wah billisan mangrupa kagiatan nepikeun informasi atawa pesen da’wah ngaliwatan omongan. Bentukna mah bisa ceramah atawa komunikasi langsung antara subyék jeung obyék da’wah. Ku kituna, da’wah billisan mampuh ngaraketkeun tatali ukhwah antara nu da’wah jeung sasaran da’wahna.
Sedengkeun ari da’wah bilqalam (da’wah ngagunakeun alat tulis), biasana dipidangkeun ngaliwatan média massa, boh citak atawa éléktronik. Bentukna bisa kitab, buku, majalah, internét, koran, jeung tulisan-tulisan nu ngandung da’wah Islamiyah. Kaunggulan tina ieu da’wah henteu musnah najan da’i-na atawa nu nulisna geus tilar dunya, sabab tulisan da’wahna mah kapan masih aya. Masih bisa dibaca ku nu séjén di mana waé ayana. Tapi naha ieu buku bisa jadi bukti adu manisna antara da’wah billisan jeung da’wah bilqalam? Jawabanana tangtu kudu ngabandungan prak-prakanana khutbah juma’ah.
Mun disinggetkeun mah kieu éta téh: khatib naék mimbar. Ngong uluk salam, laju diuk. Modin adan. Khatib nangtung deui pikeun nepikeun khutbah kahiji. Ari nu ditepikeunana taya lian ti rukun khutbah Juma’ah, anu di antarana: maca hamdalah; maca solawat ka Nabi Muhammad SAW; nepikeun wasiat pikeun taqwa; maca ayat al-Qur’an. Sanggeus kitu eureun heula sakeudeung. Tuluy khatib nepikeun deui khutbah kadua, nu ditungtungan ku maca doa.
Tah, nu ditepikeun ku khatib téh bisa jadi geus nyampak dina buku kumpulan khutbah. Hartina geus ditulis, khatibna tinggal maca. Di dinya sigana adumanis antara da’wah billisan jeung bilqalam téh ayana.
Tapi ku kitu téh, aya kahéngkér nu nyampak dina dipakéna buku khutbah. Nyaéta materina angger kitu kénéh-kitu kénéh. Lantaran bulak balik dekok, tangtu wé matak para hadirin nepi ka apal cangkem, cek babasan mah. Komo bari teu pas nepikeunana mah, hadirin bisa nepi ka lelenggutan, malah boa nepi ka lesna saré. Lantaran bosen. Ku kituna, antukna mah bisa jadi pangaweruh agama Islam-na ti Juma’ah ka Juma’ah teu undak.








Wasta : Yudha Nanda Perkasa
Kelas : XII IPA 5

0 komentar:

Posting Komentar

Twitter Facebook Favorites More

 
Design by Free WordPress Themes | Bloggerized by Lasantha - Premium Blogger Themes | Best Web Hosting Coupons