Runtuhna Perda Kabudayaan
Kategori: Artikel Sunda | Diterbitkan pada: 24-09-2007 |
Ku DHIPA GALUH PURBA
SAKALI mangsa dina riungan rapat redaksi “SB”, kuring ngusulkeun sangkan Kepala Dinas Kebudayaan jeung Pariwisata Jawa Barat (Disbudpar Jabar) dicorét tina box redaksi minangka “Pembina”. Pangna kitu, da salila kuring milu ngokolakeun Majalah “SB”, asa teu ngarasa dibina ku Kepala Disbudpar Jabar. Malah Disbudpar Jabar siga anu teu pati wanoheun ka “SB”. Jadi, naon mangpaatna? Saprak kuring aub jeung “SB”, apan “SB” mah tacan kungsi eureun medal, sanajan henteu dibina ku Disbudpar ogé.
Ku ayana usul kuring, Kang Tatang (Tatang Benyamin Koswara) henteu panuju, lantaran sawatara tinimbangan. Di antarana Kang Tatang nétélakeun yén ti saméméh kuring aub jeung “SB”, tos aya kasapukan antara pihak “SB” jeung Kepala Disbudpar, réhna Kepala Disbudpar Jabar siap ngabina “SB”. Duka jaman saha, anu jeneng jadi Kepala Disbudpar Jabar harita. Nu écés mah, munggaran kuring aub jeung “SB” téh, basa Kepala Disbudpar Jabar nuju dicangking kénéh ku H. Memet H. Hamdan, SH, M.Sc—kuring jadi tim redaksi “SB” ti bulan Pébuari 2003.
Puguh baé tulisan kuring mah, ukur medar lalampahan “SB” ti mimiti kuring milu aub. Kilang kitu, kuring yakin ti béh ditu mula ogé, “SB” mah tara atawa kurang katitén ku Disbudpar. Buktina, basa kuring mimiti aub, kalumangsungan “SB” keur meujeuhna “pikaketireun”. Piraku anu dibina ku Kepala Disbudpar nepi ka “paéh henteu hos, hirup henteu neut?” Atawa réngréngan “SB” anu kurang daria ngokolakeunana? Ah, asa piraku. Lamun teu daria mah, moal ogé medal.
Basa Drs. H. Ijudin Budhyana, M.Si—satuluyna rék ditulis Idjudin—jeneng jadi Kepala Disbudpar Jabar, “SB” mah ukur apal tina béja. Pangna kitu, da geus ti béh ditu mula, méh saban Disbudpar ngagelar kagiatan, “SB” tara dibéjaan. Kaasup sosialisasi Perda Kebudayaan Propinsi Jawa Barat tahun 2003. Béjana deui baé, méh sakur média massa Sunda diulem, ukur “SB” anu henteu mah. Béjana deui baé, sakur nu harita ngahadiran dipaparin ongkos transportasi anu gedéna saratus rébu pérak.
Sanajan kuring teu hadir, ari buku Perda mah teu burung meunang. Barang dibukaan, langsung baé gogodeg; Ras inget kana buku “Ranggeuyan Kadudeuh”. Buku anu ngamuat aturan téh kacida henteu teratur. Siga anu wawayagon pisan, da kacida loba salah citak. Saha nu tanggung jawab? Nepi ka kiwari ogé, tacan kungsi dirévisi, da puguh waragadna ogé pisakumahaeun. Cacak mun harita kuring hadir, asa mending ngajak balaréa pikeun mulangkeun deui éta buku, sina dirévisi heula; Moal cicing, duméh dikeupeulan duit saratus rébu pérak (Harita téh tanggal 15 Novémber 2003, pihak Disbudbar jangji rék ngarévisi).
Kungsi sakali mangsa boga niat rék ngawawancara Idjudin. Maksud téh hayang terang siga kumaha sawangan tur pikiranana ngeunaan budaya Sunda, pidangkeuneun dina “SB”. Hanjakal pisan, saur sekrétaris pribadina, Pa Idjudin nuju sibuk, teu tiasa diganggu.
“Iraha atuh tiasana?” tanya kuring.
“Engké baé upami aya jumpa pers, ku abdi diulem,” témbalna.
“Oh, mangga, diantos.” Témbal téh, teu hayang kapapanjangan.
Saméméh ninggalkeun kantor Disbudpar, teu poho nganjang heula ka rohangan Humas. Langsung amprok jeung kepalana, mun teu salah namina téh Aris atawa Haris (antara dua wé), da hilap deui. Kuring ngedalkeun pamaksudan, hayang ngawawancara Kepala Disbudpar anyar. Iwal ti éta, kuring ogé miharep sangkan Disbudpar ngabéjaan “SB” upama aya kagiatan budaya. Kepala Humas ngabagéakeun pisan, kalawan daréhdéh naker. Malah ménta nomor kontak kuring sagala. Angkanan téh, susuganan Kepala Disbudpar ayeuna mah enyaan rék ngabina “SB”.
Hanjakal pisan, boh sekpri atawa kepala Humas, can kungsi nedunan jangjina nepi ka kiwari ogé. Kuring teu hayang nanyakeun, da piraku nepi ka pohoeun, kajaba mun dihaja. Pangna kitu, kuring ninggalan majalah sababaraha eksemplar, pikeun ngingetan yén “SB” mah média massa Sunda anu riil, medal saban bulan kalayan maneuh, lain mamajalahan. Antukna kuring boga kacindekan, Disbudpar mah mémang teu hayangeun ngabina “SB”. Kawasna Disbudpar Jabar ngarasa henteu penting ngayakeun gawé bareng jeung “SB”. Anéhna, basa Disbudpar nyusun buku anu judulna “Déskripsi Kesenian Jawa Barat”, bahan-bahanna téh loba nyutat tina “SB”.
Pasualanana moal réngsé nepi ka “teu hayangeun ngabina atawa ngarasa henteu penting gawé bareng jeung SB”. Kuring mémang geus teu hayang deui nepungan humas Disbudpar, tapi salaku média massa basa Sunda, “SB” boga hak nanyakeun réalisasi Perda Basa, Sastra, jeung Aksara Sunda. Sanajan Kepala Disbudpar Jabar henteu jadi pembina “SB” dina box redaksi (da mémang henteu), “SB” tetep boga hak masualkeun Perda basa, sastra, jeung aksara Sunda. Ku ayana kitu, ceuk kuring mah Kang Tatang teu kudu asa-asa mupus Kepala Disbudpar Jabar tina box redaksi, da henteu ditulis ogé geus otomatis jadi kawajibanana. Dina Perda No. 5 taun 2003, ngeunaan miara basa, sastra, jeung aksara Sunda, utamana pasal 7, butir j, kaunggel: Pemberdayaan dan pemanfaatan media massa, baik cetak maupun elektronik dalam bahasa daérah. Jadi, “SB” mah tinggal nanya: “Naha Disbudpar henteu ngamangpaatkeun ‘SB’?”
*
SAWATARA waktu kaliwat, kuring ogé kacida ngaranjugna basa mireng béja ngeunaan lalakon ésséy Cécép Burdansyah ngeunaan Perda Kabudayaan No.5 taun 2003. Diécéskeun ku Majalah Cupumanik, yén tulisan Cécép geus dialung-boyongkeun ku dua média massa Sunda tug nepi ka kabaca ku nu gaduh wewenang dina urusan Perda. Saha deui lamun sanés Idjudin.
Demi tulisan Cécép téh eusina euyeub pisan ku kritikan, anu mémang ditujukeun ka Idjudin. Harianeun pisan, piraku aya naskah acan dimuat, bisa dibaca ku Idjudin. Kacida ngalanggar kode étik jurnalistik. Ngaruksak Pers Sunda!
Lamun Idjudin jembar manah, henteu anti kritik, tangtu bakal malik bendu téh ka nu ngadeuheus ka anjeunna, anu ngadon némbongkeun naskah tacan dimuat. Kuring teu hayang apal kumaha lalakonna éta naskah nepi ka bisa anjog ka Idjudin. Nu écés mah, boh anu ngadeuheusna, pon pilalagi Idjudin-na, saruana teu ngajénan kodeu étik jurnalistik. Upama aya wartawan “SB” nu boga peta siga kitu, geus moal loba tinimbangan deui; pecat!
Ku ayana tulisan Cécép anu ngabelenyeng “miheulaan taqdir”, Idjudin gusat-gesut nulis kolom dina Majalah Manglé (No. 2030), kalayan dijudulan “Larapna Perda Basa, Sastra, jeung Aksara Sunda”. Kuring yakin, tulisan Idjudin kajurung sabada maca tulisan Cécép Burdansyah.
Kekecapan munggaran anu ditulis ku Idjudin téh taya lian “Alhamdulillah, Propinsi Jawa Barat geus ngabogaan Peraturan Daérah (Perda) No. 5 Taun 2003 ngeunaan pemeliharaan Bahasa, Sastra, dan Aksara Daérah, minangka payung hukum enggoning ngalestarikeun, ngabina jeung mekarkeun basa daérah nu aya di wilayah Jawa Barat.”
Pantesna mah Idjudin ogé nyebut “Astaghfirullohal’adziim” ku ayana buku anu ngamuat Perda téh loba pisan salah citakna. Komo perkara rék ngarévisi mah, sigana pihak Disbudpar geus pohoeun, atawa api-api poho.
Dina tulisanana, Idjudin nétélakeun yén taun 2005, Disbudpar Jabar dipercaya nguruskeun anggaran anu gedéna Rp 512. 710. 000,- (Limaratus duabelas juta tujuhratus sapuluh rébu rupiah) pikeun kagiatan “pelestarian dan pengembangan bahasa dan sastra daérah”. Ari nurutkeun tulisan Cécép mah, gedéna téh Rp 2.000.000.000,- (dua miliar rupiah), pikeun waragad taun 2004/2005. Hartina taun 2004, Disbudpar geus méakeun duit Rp 1.487.290.000,- (samiliar opatratus dalapan puluh tujuh juta duaratus salapan puluh rébu rupiah).
Anu matak rada kerung, ongkoh Idjudin nétélakeun anggaran duit taun 2005, tapi anu didadarkeun téh kagiatan taun 2003, saperti anu kaunggel dina tulisan Idjudin alinéa katilu. Sakanyaho kuring, Idjudin kakara dijenengkeun jadi Kepala Disbudpar dina taun 2004, mun teu salah mah bulan puasa (Basa munggaran Idjudin wawanohan di Saung Angklung Mang Udjo, kuring ogé henteu hadir, da pihak humas Disbudpar henteu ngarasa penting ngondang “SB”). Iwal ti nataan kagiatan taun 2003, Idjudin ogé nataan kagiatan taun 2004, di antarana: Penyuluhan Bahasa Cirebon sawilayah Cirebon (Kab/Kota Cirebon, Kab. Indramayu, Kab. Majalengka, jeung Kab. Kuningan), jeung biantara seserahan Upacara Adat Pangantén Sunda, jeung ngalélér pangajén karya tulis widang basa jeung sastra Sunda. Hartina, tilu kagiatan éta méakkeun Rp 1.487.290.000,- (samiliar opat ratus dalapan puluh tujuh juta duaratus salapan puluh réwu rupiah).
Leuwihna tina nataan kagiatan Disbudpar, tulisan Idjudin téh ukur sabangsaning goong nabeuh manéh, nyaritakeun kasuksésan Disbudpar dina miara basa, sastra jeung aksara Sunda. Naha enya, Disbudpar geus suksés miara basa, sastra, jeung aksara Sunda? Beunta atuh!***
Pondok Mustika, 30 Rajab 1426 H
Dimuat di Majalah Seni Budaya edisi 167, September 2005
XII IPA 5
0 komentar:
Posting Komentar