Kamis, 09 Februari 2012

Walungan Citarum



Bandung hiji wewengkon anu kalingkung ku gunung nepikeun katelah Bandung diriung ku gunung jeung heurin jeneng kampong.Aya sababaraha gunung anu ngariung ka Bandung kayaning gunung Tangkuban parahu,gunung  Marayang, gunung Burangrang, gunung polotok, gunung wayang jeung rea-rea deui gunung nu ngalingkung ka bandung.
Sajaba ti Bandung kariung ku gunung aya 1 wahayangan anu ngembat meulah kota Bandung anu girangna aya di gunung wayang jeung hilirna muara ka Karawang.
Nitenan kana sajarah atawa kana dorolan pangeusi Bandung yen walungan citarum teh walungan anu jadi kareueus urang Bandung. Anu ngembat sapaparat Bandung bari loba pisan kahirupan anu bias di ala tina walungan citarum. Kayaning keusik, haremis, lele, lauk tagi, kencra, jungjulung tampele, kehkel jeung rea-rea deui lauk nu aya di walungan citarum.Anu eta kabeh bias di manfaatkeun pikeun kahirupan masarakat anu aya di sabundeureun citarum.
Eta kabeh ngan tinggal carita anu jadi obrolan pikeun masarakat anu aya di wewengkon citarum. Sabab ayeuna citarum geus salin rupa anu bareto caina herang ayeuna robah rupa jadi hideung, anu bareto caina bersih ayeuna robah jadi kotor.

 Ayeuna mah Kota Bandung ka koncara ku mancanegara ku sabab citarum hiji wahangan anu pang kotorna sadunya. Mun bareto loba lauk anu bias di ala manfaatna, ayeuna mah boro-boro hirup nu puguh mah dimana-mana lauk geus abus ka wahangan citarum bakal paeh.
Eta kabeh di akibatkeun ku tingkah polah manusa anu aya di sabundeureun citarum, anu geus teu merhatikeun kana kalestarian citarum. Loba pisan masarakat anu teu saladar mun citarum teh hiji wahangan anu bakal bere mangpaat. Katingalina mah masarakat sabudeuereun teu saladar nyaeta loba pisan masarakat anu miceun runtah ka citarum, anu antukna ngajadikeun citarum kotor, citarum ngadeetan, citarum teu ngahasilkeun lauk-laukan anu di butuhkeun ku masarakat kusabab citarumna kotor.
Saenggeusna citarum kaayaana kitu, pamarentah ngusahakeun kumaha carana ngabeh citarum balik deui kana kaayaan bareto boh pangusahakeun pangerukeun dina aliran citarumna, atanapi di ayakeun reboisasi di sabundeureun citarumna atanapi reboisasi di birang citarumna. Teu saeutik waraga nu di kaluarkeun pikeun ngusahakeun citarum jadi hji wahangan anu bersih, anu jauh tina kokotor anu ngabahayakeun pikeun manusa.
Sanajan pamarentah ti hophap sampe ka polah ngabiayaan ngabeh citarum hade deui. Malah jumlah waraga lain juta jeung miliaran deui tapi geus nepi ka angka triliuan, kusabab masarakatna teu sadar pikeun ngalestarikeun wahangan citarum dina kaayaan bersih. Anu antukna, kusabab masarakat teu sadar waragad nu di kaluarkeun sakitu gedena citarum angger kotor jeung gampang banjir.
Ku kituna urang anu ngaku jadi warga Bandung anu di sabundeureun citarum kudu usaha pikeun ngabersihkeun citarum boh urang miceun runtuh anu aya di citarum atawa urang teu miceun runtah ka walungan ngabeh citarum angger bersih.


Wasta: Khilda N
XII IPA 5

0 komentar:

Posting Komentar

Twitter Facebook Favorites More

 
Design by Free WordPress Themes | Bloggerized by Lasantha - Premium Blogger Themes | Best Web Hosting Coupons