Kamis, 09 Februari 2012

Bayawak Landong Kasakit Asma sareng Kulit

Ditinggal tina wujud fisikna, bayawak teh sapertos mahluk purba anu jutaan taun hirup nepika ayeuna. Tos lami, bayawak janten buruan manusa kanggo dikonsumsi. Seueur anu percanten yen ieu reptil ngabogaan khasiat kanggo manusa. Bayawak asup kana golongan kadal ageung, suku varanidae. Di Indonesia, bayawak sok aya di desa-desa sareng di kota di palebah barat. Umumna awak bayawak teh ukuranana 1 meter.
Bayawak tiasa nyembuhkeun kasakit asma sareng kulit. Dagingna kanggo ngubaran kasakit asma, sedengkeun minyak ti bayawak digunakeun kanggo ngalandongan kasakit kulit. Daging bayawak umuna warna putih sapertos daging hayam, teksturna rada ulet lantaran ngabogaan serat anu rapet sapertos daging kuda. Warung kadaharan anu nyajikeun daging bayawak biasa ngolahna janten sate, sop, atawa rendang.
Sedengkeun kanggo parawatan kulit, sapetos luka bakar, alergi, atawa kaligata tiasa diubaran ngagunakeun minyak bayawak. Urang sadaya tiasa manggih eta minyak lantaran ayeuna atos seueur panjual minyak bayawak. Tapi, lamun urang hayang midamel sorangan, dihandap ieu aya cara-carana.
1.       Sadiakeun daging bayawak anu tos dicuci
2.       Goreng eta daging henteu make minyak kalapa
3.       Atos sababaraha menit, minyak bayawak bakal kaluar ti daging bayawak.
4.       Saatos tiris, oleskeun eta minyak kana kulit anu luka
Salama 3 hari, sagala kasakit kulit dipercanten tiasa damang. Bahkan, ieu minyak bayawak teh tiasa ngahaluskeun kulit. Aya dua cariosan perkawis hukum halal sareng haram tina ngakonsumsi daging bayawak. Maranehna anu nyebutkeun yen daging bayawak teh haram, dumasar kana katerangan anu nyebutkeun yen Rasulullah SAW kantos miceun dagign bayawak. Sedengkeun anu nyebutkeun  halal, dumasar kana katerangan yen ieu sato teh kenging dituang, sanaos Rosul henteu nuang eta sato.

Gusti Panduwiyanti
XII IPA 5

0 komentar:

Posting Komentar

Twitter Facebook Favorites More

 
Design by Free WordPress Themes | Bloggerized by Lasantha - Premium Blogger Themes | Best Web Hosting Coupons